Jun ji hyun wikipedia indonesia imt/u
Jun ji hyun wikipedia indonesia imt/u
Jun ji hyun wikipedia indonesia imt/u of m.
Jun Ji-hyun
Jun Ji-hyun (gumelar di Seoul, Koréa Kidul, 30 Oktober 1981; umur 43 taun) nyaéta saurang aktris sarta modél asal Koréa Kidul.[1][2] Ji-hyun miboga ngaran lahir Wang Ji-hyun sarta dipikawanoh ogé ku ngaran Gianna Jun.[rujukan?] Ji-hyun ngabéréskeun atikanna di Universitas Dongguk jurusan Téater jeung Pilem.[2] Nalika budak mah Jun boga cita-cita pikeun jadi saurang pramugari.[2] Tapi, dina umur 16 taun, Ji-hyun diwanohkeun ka dunya modéling.[1] Jun ngamimitian karirna minangka modélmajalahEcho Magazine dina taun 1997.[1] Sanggeus kitu, Ji-hyun mimiti ngabéntangan sejumlahing sérial koméditipi sarta ngabéntangan pilem munggaranna anu judulna White Valentine dina taun 1999.[1] Taun saterusna, Ji-hyun ngabéntangan hiji pilem nu judulna II Mare.[1] Kasuksésanna mah nalika ngabéntangan hiji pilemkomédiromantis judulna My Sassy Girl dina taun 2001 barengan jeung Cha Tae-hyun.